Assalamu’alaikum wr.wb
Ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu ku sim kuring dipikacinta.
Puji sinareng syukur mangga sadayana urang sanggakeun ka gusti alloh anu maha suci, anu parantos maparin kasehatan ka urang sadaya. Teu hilap oge sholawat sinareung salam, urang sanggakeun ka jungjunan urang sadaya, nabi Muhammad SAW , mugia dugi ka kulawargina , ka sahabatna, sareng ka urang salaku umatna aamiin. Sim kuring didieu bade ngadugikeun biantara nyaeta perkawis tentang “Nyumputkeun Elmu”.
Hadirin anu dimulyakeun ku alloh Swt!!!
Saha jalma anu ditaros tentang salah sahiji elmu, teras manehanana nyumputkeun kana eta elmuna, mangka dina dinteun kiamat eta jalma teh bakal dikekang ku seneu naraka. Janteun lamun aya nu naroskeun ka urang tentang elmu naon bae anu mangfaat, teras urang teh teurang kana eta anu ditaroskeunana teh, tah ku urang teh kedah diwartosan atanapi dipasihan teurang tentang elmu anu ditaroskeunana teh, ulah disumput-sumputkeun, kumargi lamun eta elmuna disumputkeun, mangka anu nyumputkeun eta salah sahiji elmu teh eungke dina dinteun kiamat ku alloh bakal dikekang ku seneu naraka. Janteun hayu urang sami-sami silih masihan elmu anu mangfaat ka urang sadayana, supados urang lebeut ka surgana alloh swt aamiin.
Sakitu anu kapihatur, mugia aya mangfaatna kangge urang sadayana, hapunteun bilih aya cariosan anu teu merenah kana manah sareng nyelekit kana ati, neda pangapunteuna wae.
Hatur nuhun, Wassalamu’alaikum wr.wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar